CIKOPI ASIH


Ku : D Ipung Kusmawi

Panto hareup masih diantepkeun ngablak. Angin peuting papaheula asup, mawa hiliwirna seungit malati nu ligar di taweuran. Asih ukur ngarénghap panjang. Nganjangan peuting ku lamunan. Sagelas cikopi na meja, ayeuna pindah kana leungeunna. Geus ilang haneutna, da diseduh ti soré mula. Cikopi amis tur kentel, karesep manéhna. Teu ngitung mangsa. Saban manéhna datang, cikopi kudu naglang. Teu kudu panas, asal jieunan Asih, cikopi pasti érép dilegik ku manéhna. Eta pisan nu matak Asih teu bisa ingkah ti manéhna. Nyinglaran kadeudeuh manéhna nu beuki lila beuki meungkeut pageuh hirupna. Asih teu walakaya ngayonan sadrahna manéhna nu daék tumarima ka dirina nu tanpa daksa. Nya ku kitu pisan, Asih ngaraketkeun jangji na ati moal ingkah tina hirupna.

Panto masih ngahaja ngablak. Nembongkeun kalangkang manéhna dina kelemengna peuting. Ti kajauhan sora takbir patembalan. Asih ukur ngarénghap panjang. Nyipta-nyipta manéhna nu keur riung mungpulung jeung anak pamajikanana.

Post a Comment

0 Comments