Berita Terbaru

Ulang Taun Anjeun



Ku D. Ipung Kusmawi
 
Geus dipapantes ti beurang mula. Dibungkus ku kertas kado meunang menta ti alo. Teu poho puisi Sapardi Djoko Damono “Aku Ingin Mencintaimu dengan Sederhana” diguratkeun dina kertas surat warna pink. Geus kabayang manehna bakal ngangse kertas surat nu samemehna diparupusan minyak Marlboro nu geus dijiad ku Bah Aminta. Geus kabayang manehna bakal midangdam salilana. Dibaturan ku ki sobat kuring laju ka imahna. Motor ojeg sewaan geus dieusi bengsin nepi ka pulteng, taya kamelang mogok di jalan. Angin peuting, Bulan sapasi, jeung baranangna bentang maturan sapanjang jalan. Reg motor eureun teu jauh ti imahna. Tina pageur imahna katembong aya karamean di jerona. Kuring ngarenghap sakedapan. Suku ditenjragkeun tilu kali. Ngan teu kaburu jung. Pager imahna muka. Mobil sedan ngaguluyur ngaliwat. Katembong manehna jeung calon salakina.

Tidak ada komentar