Berita Terbaru

Malati Marni


Ku: D. Ipung Kusmawi

Nyambuang malati minuhan kamer. Marni ngoléséd tina ranjang bari malédog ka Hadi ku imut. Leungeunna memener buuk nu rada awut-awutan.Hadi ukur cindekul nangkeup tuur.
“Iraha-iraha mun anjeun inget kau kuring, heug angseuan minyak malati.”
“Pirajeunan teuing.Awak anjeun leuwih seungit batan malati.”
“Boa baé ke awak kuring ngabugang, ngabau hangru”
“Moal diaminkeun.”
“Hahahahahaa..”
“Ieu carécét bisi tinggaleun”
“Keun da moal dibawa, geuleuh ongkoh urut ngelap éta nya?”
“Héhéhééééé..”
“Tong poho diseuseuh deui.”
“Moal, rék dilaminating.”
“Hahahahaaa..”
“Rék ka mana?”
“Geus peuting teuing, salaki kuring sok curiga mun indit kamalinaan”.
Hadi unggeuk.Carecet ditileupan.Lep dihuapkeun.

Tidak ada komentar